Kanggo emutaneun sarerea

Filed under: by: Agus


"poe ganti poe, taun ganti taun, tapi kahirupan teh asa can manggih wae parobahan, na iraha atuh kuring teh rek manggih kasenangan hirup" pokna asep ka ka kang ujang bari ngusap dada, katinggali pisan paroman asep keur bingung na teh,

kang Ujang : sep hirup mah tong loba teuing dipikiran, kumaha brehna we,

Asep : lain kitu kang ujang, asa hayang hirup teh siga batur, boga imah sorangan, boga imah, boga sagala rupana we, genah jeng jongjon sigana mah hirup teh, moal siga kuring ayeuna meureun, haying dahar ge paribasana kudu kokoreh heula kawas hayam, mun teu kokoreh nya moal manggih dahar meureun, ayeuna geus mikiran isuk kumaha keur kuring mah,

Kang Ujang : henteu kitu oge kang, mun bener kasenangan hirup ngan saukur bisa di rasakeun kunu beunghar wungkul, meureun alloh teuh moal ka keunaan ku sifat adil,

asep : ceuk kuring mah, keukeuh koncina hirup mah ku loba harta kang ujang”

kang ujang nempas

Kang Ujang : memang bener sep, kasenangan dunya bisa di beuli kuharta,tapi teu saeutik oge jelema nu benghar teu ngarasakeun kasenangan sanajan loba harta dunyana, malah loba keneh kebingung jeung kasusahna tibatan urang, cokot conto haji dapet , duitna loba di bank, manehna boga gedong sigrong, mobilna ge BMW boga 3, sawah lega hektaran, pamajikana oge bogaeun opat, indit isuk balik peuting najan boga parusahaan nu sorangan oge, pastina lieur manehanana mikiran panghasilan unggal bulan da sieun rugi tea, acan mayar karyawan, acan mayar itu ieuna, leuwih cape batan urang sep, nepika geus teu boga waktu manehana ruang-riung jeung urang, sugan osok daek indit ka masigit manehana ari lain poe jumaah mah, sugan rajeun mere sodakoh ka tatanggana nu dareukuet, pan henteu, hare – hare hirup we, eta teh bakating ku teu boga waktu. Sedengkeun ari hirup the pan lain ngan sakadar ngudag kasenangan dunya wungkul urang teh, tangtuna kudu ngudag oge kana kasenangan aherat, da bakal paeh urang sarerea teh, mun teu boga amal soleh atawa amal hade keur di dunya rek kumaha urang teh?

Asep : Enya oge nya kang, mun ningali kadinya mah,

Kang Ujang : matakan keur urang mah sep, hirup the mendingan ngalap cukup heula we kunu aya, sing loba sukuruan pan ceuk pangeran ge “sing saha jalma nu loba sukur ka kaula pinasti di tamahan kani’matanana ku kaula, oge sing saha jalma anu kuffur kaula, saestuna adzab kami eta leuwih beurat”, Nya tangtuna oge lain ngandung hartina urang kudu cicing wae, bari teu ihtiar atawa kur tumarima wungkul kana nasib, nya kudu ihtiar urang oge mun hayang ningkatkeun kahirupan mah,

Asep : oh kitu

0 komentar: