Pasundan

Filed under: by: Agus



Teu sawatara lila torojol ai tidapur bari ngelek boboko dina kelek nu kencana,leungeun katuhuna nanggeuy piring, eusina lauk asin meunang ngahaneutkeun urut kamari,song diasongkeun ka salakina hiji – hiji bari rada ati-ati da sieun murag eta piring nu kuer ditanggeuyna teh,gek ai diuk pahareup-hareup jeung salakina dina amparan anu geus rada bari merengkel sisi-sisina, ma’lum geus rada lila eta samak umurna teh, leuwih ti dua taun, lain teu kabeuli atuh samak nu weuteuh teh, ngan geus jadi kahayang agus salakina ai pikeun make eta samak salila masih bisa dipake keneh mah,da eta samak teh maskawin ti agus nu dibikeun ka ai basa rek kawina baheula,

Regot agus nguyup cai tina cangkir pelastik anu geus disiapkeun tianggalna, bari pok nyarita ka pamajikanana

agus : Nyai kur jeung ieu wae dahar teh? pamajikana mairan “muhun akang”

agus : ari angeun haseum nu kamari aya keneh teu?

Ai : tos seep akang

Agus : nya keun bae ari geus beak mah! Pokna agus, pamajikana nyokel sangu tina boboko tuluy nyokot lauk asin tina piring geus kitu song di asongkeun ka salakina dituturkeun ku manehanana nyokot sangu jeung denggeuna, alhamdulillah sakieu ge urang mah masih keneh bisa dahar nya nyi, tuh tingali dulur-dulur urang nu hirup dikolong jamatan anu teu boga padumukan matuh, boa teuing teu bisa dahar kawas urang, enya akang pokna ai bari ngahuapkeun sangu.

Beres dahar duanana ka cai piligenti, da wanci geus reupreupan maju ka magrib, teu lila ngong adan di masigit kadenge gentra pisan da imahna meh pagigir-gigir pisan jeung masigit, kencling agus indit kamasigit nyapon kitu keneh ai ge nuturkeun sholat dikamarna.

Teu kacatur lilana agus di masigit, da geus jadi kabiasaan keur agus beres sholat berjamaah magrib teh tara buru – buru waka balik ka imah, sok nungguan heula solat isya bari tara poho ditamahan ku solat sunat jeung witirna, jrut agus turun tina golodog masigit make sendal capit nu geus ditalian ku rapia sabeulah da geus kungsi pegat eta sendal nu sok dipake na teh, meh ampir unggal waktu nu berjamaah solat teh loba wae nyakitu keneh nu kaluar ti masigit peuting eta ge loba pisan da puguh lingkungan santri lembur tempatna agus cicing mah, “kang punten aya anu bade ditaroskeun ka akang saalit” mang dadang nyarita bari nyampeurkeun ka agus,

Agus : hor geuning kang dadang aya naon kitu?

Dadang : eta perkawis sametan kang agus tea!

Agus : oh muhun, mangga tuh kang dadang urang di rorompok abdi we ameh jongjon ngobrolna.

Dadang : mangga! Pokna kang dadang bari nuturkan agus asup ka imah,

Nyai aya tamu yeuh kang dadang nyokot cai atuh jeung kadaharan, “mangga akang” ai norojol tikamar bari song sasalaman ka kang dadang, tuluy ngaleos kadapur nyokot cai herang da kur eta-etana nu aya didapur teh ari lain sangu poe urut tadi dalahar asar mah.

Agus : kang dadang sateuacana simkuring teh bade unjuk sasadu ti payun we ka kang dadang, da kumaha geuningan kanggo waktos ayeuna mah simkuring teu acan gaduh keneh artos kangge mayar sametan ka kang dadang teh, sanes simkuring ngamomorekeun atanapi ngahihilapkeun kana kasaean kang dadang ka abdi, abdi nganuhunkeun pisan kana kasaean kang dadang anu tos nulungan, da dalah dikumaha deui dina danget ayeuna mah abdi leres-leres teu gaduh pisan artos!

Teu lila ai norojol tidapur mawa cai herang dina baki tamaga bari diasongkeun eta gelas tuluy di tunda dina meja tempat kang dadang jeung agus ngalobrol, “mangga atuh kang dadang di leueut cai herangna, mung kur gaduh cai herang we, teu gaduh deui nanaon geuningan sanes ngalumayankeun ka tamu hapunten abdi nya”bari gek diuk gigireun salakina.

Kang dadang : sawios eteh tong repot-repot, cekap wae skieu ge, “ditampi atuh teh nya caina” bari suruput Kang dadang ngaregot cai herang.

Agus tuluy nuluykeun deui caritaanana nu sempet kapotong tadi

Agus : kang dadang panginten abdi ari kanggo danget sakumaha tadi anu tos dicarioskuen ku abdi,ayeuna mah moal waka tiasa nyumponan sametan ka kang dadang tapi insyaaloh pami dinten pageto mah, kuabdi diusahakeun!

Kang dadang : nya kang agus abdi ge sanes teu terang atanapi teu ngartos kana kaayaan kang agus ayeuna, da sami abdi ngaraoskeun hesena ngala artos di jaman kiwari teh, keur mah usaha abdi oge nuju mogok danget ieu teh, salian ti kadeseh ku bubutuh anak abdi si eneng tea rencanana bade dilebetkeun sakola ka SMP taun ayeuna, nu tangtosna meryogikeun biaya anu teu saalit,sanaos kang agus ge tos apal rehna sakola ayeuna teh tos gratis, namung keukeuh we ari meser sapatu , teras deui tas sakola, oge seragamna mah kedah dipeser ku urang, sedengkeun abdi teu gaduh deui irongeun, da abdi ge waktos ieu teh nuju teu gaduh artos, mung aya artos sakedik ari diluar mah, nyaeta anu di tamutkeun ka kang agus tea, nya sanaos satadina abdi dongkap kadieu teh, susuganan sareng susuganan kang agus nuju gaduh artos tiis , nya nu kakuping bieu tos eces kalayan jentre kanggo abdi, abdi ge moal tiasa oge isin ari kedah maksa mah, da urang teh sanes jeung sasaha nya, abdi paling engkin dongkap deui ka dieu, pami kang agus tos sadia artos, malih langkung sae pami kang agus dongkap wae ka rorompok abdi pami aya waktos mah, sareng aya milik urang sarerea

Agus : nuhun pisan kang dadang tos masihan waktos ka abdi, insyaalloh pageto mah sugan aya rizki sarerea atuh kangge kang dadang hususna rizki abdi kangge mayarna,

Kang dadang : amin, nya kumargi tos rada wengi ieu teh, abdi bade pamit wae!

Agus : “hor engal-engalan teuing atuh kang dadang”!

Kang dadang : ieu tos rada tunduh deuih, tadi siang rada cape tos icalan, nya manga kang agus teh ai dikantun heula nya, mangga “assalmualaikum”, kang dadang bari cengkat tina pangdiukanana ngajak sasalaman ka agus oge ka ai,

Agus : wa’alaikumsalam warah matullohi wabarokaatuh, ai oge milu mairan ngucapkeun salam “padahal mah ieu cai herangna oge teu acan seep!” pokna ai ka kang dadang

Kang dadang : nuhun ai cekap,

Agus cengkat nganterkeun kang dadang nepika tepas imah di tuturkeun ku pamajikanana

Geus teu katingali kang dadang rigigna, agus jeung pamajikana asup deui ka imah bari nutupkeun panto imah,

Katinggali pisan eta dua nonoman nu keur dialajar ngarumah tangga keur dirungrug kabingung dicoba ku ka susah, duanana sing haruleng dina korsi tengah imah nu geus koropokan, ngadadak simpe waktu harita, agus jeung ai ngan saukur silih perong ku teuteupan anu kosong molongpong, ti lila duanana arasup ka kamar.

sakitu salabar jeung tarawekalna agus jeung ai teh, kabeh tatangga oge geus pada arapaleun kana akhlak talajak duanana nu sakitu alusna, tara loba ruang-riung nu teu pararuguh, jeung tatangga oge tara nyieun kagorengan, resep tutulung kabatur, matak teu aneh mun duanana pada diajenan di lemburna.

dina enggoning nyorang kahirupan nu keur sakieu pait jeung peuheurna teh, katurug-turug salakina ai nu masih keneh can boga pagawean anu tetep, jeung panghasilan anu tetep keur nyumponan bubutuh sapopoena, da keur anu ngarumah tangga mah karasa pisan butuhna duit keur balanja sapopoena teh kudu, hayoh wae aya teu meunang euweuh, tapi sanajan sakitu duanana anggeur we rukun sauyunan, hesena ekonomi teu ngajadikeun halangan keur agus jeung ai pikeun silih mikaasih jeung mikanyaah dina pada harita.

0 komentar: